A. Panyaraman kalakuan kurang hade
1. ulah heheotan bisi leungiteun beas\uyah
2.ulah heheotan tipeuting bisi disampeurkeun urang leuweung
3.ulah ditiung ranggap bisi kotokeun
4.ulah ngawur-ngawur uyah bisi nyeri tuur
5.ulah lalangiran bisi maot indung
6.ulah diuk dina nyiru bisi sakalor
7.ulah nyiduh sisi hawu bisi loba anak
8.ulah ngompolan ruhak bisi nyeri ngompol
9. ulah ulah ngeusian cai pinuh teuing bisi kawiwirangan
10. ulah dahar pipindahan bisi loba salaki
11. ulah diangir sore-sore bisi maot dipangumbaraan
12.ulah kacai magrib bisi katerap panyakit
13.ulah nyeungseurikeun nu hitut bisi ompong
14. ulah ngadiukan bantal bisi bisul
15.ulah ngadahar cau sisina bisi kasingsal
16. ulah dahar dina piring kohok bisi jadi cacah kuricakan
17. ulah nyebut apu lamun meuli apu tipeuting bisi matak tutung kana letah atawa biwir kudu nyebutna "tai manuk"
B. panyaraman keur nu kakandungan
1. ulah lila di cai bisi kalenger
2.ulah mawa botol dicekel huluna bisi budakhulu peutieun
3.ulah ngalengkahan songsong bisi sungsang
4. ulah ningali mayit bisi budakna sawan bangke
5. ulah mandi silanglang
6. ulah sare teu make bantal bisi hese ngalahirkeun
7. ulah ditiung ku baju bisi hese ngalahirkeun
C. panyaraman keur awewe nu can kawin
1. ulah make baju ngaleleke bisi teu boga anak
2. ulah mangku wadah seureuh bisi dicandung
3.ulah nincak nyiru bisi remen labuh hareupeun mitohareuh
4. ulah dahar make piring ngarangkep bisi dicandung
5.ulah diuk dina lawang panto bisi nongtot jodo
6.ulah nyokot beas nu keur ditutu bisi teu jadi papacangan
7.ulah nyoo beas bisi digadabah ku dahuan
sumber tina peperenian kengeng Drs.Ahmad hadi
Tidak ada komentar:
Posting Komentar