seueur anu mundut pitunjuk ngeunaan upacara adat pangantenan sunda, dina kanyataana barudakkiwari kudu mikawanoh rupi-rupi adat khususna ngeunaan pangantenan urang sunda.tina hal prak-prakanana, model naskah, sareng kateranganana matak pikabungaheun pikaseurieun,tawis karuhun sunda seueur keneh anu pada mirosea.sumangga urang titenan hiji-hijina.
1. Tatahar
dina boga niat hayang ngalaksanakeun hajat rongkah tangtuna urang kudu boga tatahar anu bener-bener pas.anu engkena dina waktu prung na acara henteu acak-acakan,tataharna diantarana:
a. nyusun kapanitiaan
b. parabot kaperluan
- parabot tuangeun
(dina waktuna ulah nepi ka kurang sendok hiji ge, luyukeun sareng jumlah tamu, jsb)
-parabot kasenian
-parabot upacara adat
-sound sistem
-korsi/meja
-anggoan
2.Runtuyan acara
Upacara adat
Sateuacan akad Nikah
1.Neundeun omong
nyaeta pihak sepuh pameget natamu ka sepuh istri, ngobrol bari lulucon ngangge siloka-siloka basa anu maksudna nyeleksek naha geus aya nu miboga atawa can aya nu miboga.
biasana sok aya acara silih kirim barang, kujalan kitu geus ngarti si calon panganten awewe geus aya nu neundeunan omong.
2. Nanyaan/ngalamar
biasana natamu nu kadua sepuh pameget sok nyandak kokolot bari barang candak
-lemareun sapuratina hartosna ngandung piwuuruk seureuh anu daunna juru tilu mencos kahandap mun dituang nya lada,nya bau, gambir rasana pait jeung kesed apu nya pait nya matak tutung, tapi lamun dihijikeun janten lemareun matak nikmat pisan malihan mah landong kana waos sareng bau baham
-anggoan istri tawis ngawitan mere tanggung jawab ti pameget ka hiji istri pibatureun hirup
-cingcin meneng silokana nyaeta cingcin nu teu aya tumbuna yen rasa kaasih sareng kacinta teh taya tungtungna.
-beubeur tameuh nu disimpen leresan udel maksudna lamun tos silih beubeuran silih panyangcang pikir moal milih deui nu lian.
3. nyandakeun seserahan
nyaeta natamu anu katilu anu nyandak seserahan,masrahkeun calon panganten pameget ka panganten istri bari sakantenan masrahkeun biaya kaperyogian pertikahan.
4. ngecagkeun aisan
nyaeta upacara adat anu ngandung siloka urang tileuleutik di aais ku nu jadi kolot, ayeuna waktuna aaisan di ecagkeun lantaran bakal aya anu mawa nyaeta salakina.
5. ngaras
nyaeta sungkem ka ibu ramana, neda panghampura,sabada sungkem ngawasuh dampal sepuhna, caina bakal dihijikeun sareng cai kangge siraman.
6.Siraman
7.ngerik
sabada siraman teras ngerik bulu-bulu anu aya dina raray , punduk ameh pupur sae napelna ku juru rias.
9.Ngeuyeuk Seureuh
Waktu Akad Nikah
-Bubuka
-papasrahan calon panganten
-wuwuruk
-akad nikah
-sungkem
-du'a
Sabada akad nikah
- sawer panganten
-nincak endog
-buka pintu
-huap lingkung
-ngaleupaskeun japati
- numbas
sumber tina upacara adat pangantenan kengeng M.sopandi S.H sareng drs h sukarna s
Tidak ada komentar:
Posting Komentar